18 August 2010

Sanékala Jurig Wanci Magrib Barudak Baheula

Jaman kiwari mah barudak teh teu sarieuneun ku ngarana sanékala, jaman simkuring ngarumaoskeun budak alit mah tétéla leubeut pisan ku carita buhun ngeunaan sanékala téh, "encép kadieu geura umah tos burit, tos magrib, bisi aya  sanékala, waling siah ké bisi di rewod" saur pun ibu unggal magrib lamun miwarang ka simkuring lebet ka bumi basa wanci alit kénéh. Kintenan duka tah dilembur séjén mah, manawi sami aya istilah sanékala dina mayunan magrib (burit), ari di wewengkon abdi mah di Tasikmalaya, goncar pisan istilah sanékala teh dianggo pikeun nga reureuhkeun kaulinan barudak dina wanci cakeut magrib. Sanajan saleresna mah simkuring ge teu terang naon ari sanékala téh, yén beneran jurig atawa naon, dari ari si emih ditaros téh sok kalah ngawaler, sanékala téh pikasieuneun saurna nu sok malingan budak lamun wanci tos manjing peuting. Tapi lamun keyeung dipikiran mah asa acan pernah ngadangu aya murangkalih anu di kintun ku éta nu namina sanékala teh, ari numutkeun panalitikan simkuring mah sanékala teh hiji istilah pikeun barudak leutik supaya ulah ulin nepi ka burit. Intina mah meureun supaya barudak nurut kana paréntah ema jeung abahna sangkan beunang di atur. Leres teu baraya sadaya? kumaha ari anjeun pernah ngadangu sanékala oge?

No comments:

Post a Comment