07 April 2013

Sono Ka Ema [ Carpon Basa Sunda]


Geus tara ngadéngé sora turaés atawa sora tonggorét nganteur surupna panon poé. Wanci sariak layung taya bédana jeung wanci carangcang tihang, mulan-malén kandaraan ngagerung sapaparat jalan. Estuning wanci geus teu bisa dibédakeun ku tanda-tanda alam. Nyaan, kaayaan hirup di kota jauh mela-melu jeung kaayaan hirup di lembur. Idek liher di lembur anu sakitu réhé comrék, tiis ceuli hérang mata. Cai cur-cor ngagenyas ngocor ti girang ka hilirkeun.
Cihcir nihtir, bebence rabeng luhureun tangkal, dibarung ku sada caricangkas nu silih sambat jeung baturna. Kalong gégér sing gayabag, napuk dina tangkal loa. Sora-sora nu ayeuna kasilib ku sora duk-dok tatangkalan nu dituar, sora mesin setum nu ngadudud mémérés jalan nu legok balas katinggang cihujan. Cileuncang teu daék orot, nyurung-nyurung runtah nu ngahunyud dina susukan. Teu kalis saat, mangsa hujan ngecrek cai hanjat tina talun, nguyumbang di palataran. Lain ukur bécék deui, seseringna jadi banjir, jadi caah. Mawa sasalad nu kacida lobana keur balaréa.
Satadina ujang téh atoh ema diajak nyaba ka kota, hayang ginding bari loba luang. Ulah kurung batok siga nu lian. Tapi geuning jauh ti ema hirup lain nambahan senang. Tanaga dipeleter bari hasilna teu pira. Hasil-hasilna mah éta ogé, ngan édas sakumaha waé lobana tara ieuh ngarasa kaleuleuwihi bisa méré mawéh atawa bisa heureut neundeun. Estuning ujang gawé geus béak déngkak, ngusahakeun hirup sangkan senang. Tapi geuning jauh pisan tina panyangka. Méméhna ngarasa kataji pédah ujang biasa diajak nganjang ka unggal lembur bari didegdeg dihiap-hiap. Lila-lila ujang jadi tongtonan. Mindeng pada nyurakan. Ongkoh maranehna resep ningali ujang, ngan orokaya mun ujang nyampeurkeun kalahka sok paburiak. Malah nu sing jarerit oge aya. Budak leutik mah sok hing teh ceurik, ngawiwiw dina aisan indungna terus nyusup ménta disusuan. Ari nempo nu kitu ujang sok terus inget ka ema. Hayang nyusu deui ka ema. Najan enya susu lanyéd, tapi dina dada ema ujang ngarasa tingtrim.
Apan ujang teh hayang nyobaan diajar usaha basa harita indit teu bébéja. Ujang hayang diajar ngumbara. Satadina ujang lunta sakaparan-paran, nuturkeun indung suku teh hayang bisa nulung ka indung. Ema teu sirikna notog-notog manéh mélaan sangkan anak kaparaban. Sok teu téga ningal ema ngadua-duakeun huap. Anak reuay parabaneun, géntél kéak bari euweuh batur pakumaha. Tuda ema nyaah ka ujang siga ka orok karak borosot, ditatap, diusap, teu sirikna dicokcrokkan unggal waktu ku kadeudeuh. Aya genah aya ragab ari ema geus nanangkeup ujang téh. Ema mah siga embung boga anak gancang gedé, gancang macakal hirup sorangan. 

Saprak diajak ulin rada jauh ti imah, ujang beuki panasaran, hayang ngalaman hirup nempo rupa-rupa kamonésan. Pangrasa ujang, ema bakal atoh lamun ningali ujang loba kamajuan. Ujang ayeuna geus robah ema. Meureun ieu nu disebut hirup sabenerna. Kudu usaha sangkan nyawa betah nyangsang dina badan. Teu nyangka sacongo buuk bakal hirup aya dina jero kurungan. Teu bébas siga sasari ujang téh ema. Di lembur sok sagala nyampak da ema bakating ku getén kanu jadi anak. Sagala kari top. Ema sok neuteup ceuleumeut lamun ujang sasarap, siga anu reueus ningali anak ponyo barang dahar. Eumh, ayeuna mah ujang ukur bisa nungguan sapaméréna ti dunungan.

Mun ema ningali ujang ayeuna, pasti ema bakal kalinglap ku anak sorangan. Ujang geus pinter ema, da diajar unggal rénghap. Getol solat tara jauh ti sajadah sok sanajan aya di jalan, bisa naék motor, dina waktuna kudu maén titér oge bisa, nari topéng, ngagitar, ah naon waé ogé geuning bisa ema ari leukeun diajar mah. Hirup ujang tara jauh ti kendang ema, da éta mah hiji tanda yén hirup téh kudu bisa mawa diri, sarua jeung ngibing anu kudu nincak kana wirahma. Sareundeuk saigel teh apan kudu aya dina bener. Lamun nogéncang bisi katelah cul dogdog tinggal igel. 

Ngadago-dago waktu sangkan ujang bisa balik ka lembur, tapi geuning léngkah kalah beuki jauh. Bari ujang ayeuna teu bisa balik sorangan da rumasa teu nyaho jalan. Bongan tadina lunta sakaparan-paran. Ujang teh sono ka ema, hayang ngagéléhé dina lahunan ema. Sono disaliksik bari diusapan sirah. Rido ujang digalendut ku ema. Da ema mah céréwéd ogé kawantu ku nyaah. Ujang henteu ngarasa nyeri hate basa ku ema rada digetrik. Ujang lain pundung atawa ngarasa ditundung basa miang rebun-rebun. Mémang teu ngabibisani rada teu genah haté basa disapirakeun ku si Ranggé nu huntuna ranggéténg. Loba diléléwé ku papada babaturan cenah ujang téh anak bawang. Tara kabawa jadi balad lamun keur waktuna aya raraméan di lembur. Ngan ka ema ujang bisa nepikeun sagala karungsing haté. Ngan ka ema ujang bisa percaya. Ayeuna jauh ti ema, beuki karasa nu nyaah ka ujang téh ngan ema. 

Lamun ditengetan anu gemet, hirup ujang téh ayeuna teu bisa leupas tina kadali nu séjén. Ujang kudu nurut dititah diituh-étah, cukup ku pangenyed jeung panyeprét. Lamun ujang dongko bari ngahormat ka nu ngariung di hiji tempat, saréréa emprak atoh ningali ujang boga kasopanan. Lamun ujang solat, nu nempo oge ngarasa reueus. Nu seuri ager-ageran, silih tunjuk silih sigeung jeung nu deukeut, bari metakeun naon-naon anu bieu dilakukeun ku ujang. Teu ieuh ngarasa éra atawa sieun nyigeung parasaan. Da anggapan maranéhna ujang mah teu boga rasa, teu boga kaera. Ema ujang teh pan matak pinter kana sagala oge pédah ujang boga rasa. Ngan nu ngabédakeun téh tina basa. Ujang teu bisa kedal ucap ngébréhkeun rasa. Ngan ukur ku réngkak pari polah. 

Ujang kudu séhat tur nunjukkeun karumasa ku rasa senang. Motah bari bisa nunjukkeun rasa bagja pikeun jalma réa. Ujang kadang-kadang maké kedok atawa topi keur nyumputkeun cimata nu ngagarendang. Leuwih loba cimata nu kateureuy nu nyelek kana angen. Leuwih loba deui getih anu teu dipirosea ku kasarakahan manusa. Ema, tingali suku ujang ayeuna manjangan, teu petekel. Nu biasana leumpang égang atawa ngagégag ayeuna kudu perténtang. Luncat kana motor ngabiur ka tengah jalan sabot lampu setopan beureum teu ieuh jadi matak diudag polisi. Ujang, anak ema, ayeuna gagah. Aya éta gé hayang mantuan polisi nartibkeun jalan raya, atawa mantuan amang-amang tukang parkir, prat-prit niup piriwit. Leuh, hésé ema, da biwir ujang rubak, inggis piriwit kateureuy. 

Poe ieu ujang téh ngarasa capé ema. Da jeung enyana atuh, ujang mah teu bisa barang dahar balakecrakan siga batur. Dahar nungguan sapaméréna. Ti poé ka poé, kadaharan nu aya ngan éta-étana, ukur cau jeung kacang suuk. Dina waktuna ujang capé hayang saré, tetep kudu barang gawé, kapaksa dilakonan, daripada kudu nandangan lapar diparak pada ngantep. Malah sakapeung mah ujang sok diceprét. Ujang rumasa ema, hirup kudu bisa muhapékeun diri. Manakitu ogé geus nasib ujang nu kuat. Nasib nu moal bisa dirobah deui da geus kitu kakuduanana. 

Ema ulah geruh lamun engké ema nyaho naon pagawéan ujang di kota. Bisi ema nandang wiwirang. Ujang mah ngan hiji cita-cita hayang bisa nyenangkeun ema. Lamun ema aya di dieu, meureun ema bakal ceurik balilihan ningali ujang pada nanggap, ningali ujang kudu papanasan di parapatan, di lampu setopan. Teu saeutik jelema nu ngarasa kahibur ku kalakuan ujang ema, bari sung-song méré duit kana dudukuy nu dikurilingkeun ku ujang. Ujang tetep inget kana papagah ema, ulah ngahinakeun diri hayang dipikarunya ku deungeun. Hirup kudu daék usaha sorangan. Tapi nya kitu téa, ceuk ujang ogé ema ulah nyeri haté ningali kaayaan ujang ayeuna.

Nincak aspal dina morérétna panon poé kacida panasna. Da ujang mah teu bisa disendal. Baju mah bisa ganti unggal poé kadang-kadang mah sok hayang teu dibaju ujang mah lah. Sok asa riged awak ari bajuna buni teuing teh. Hayang jiga di lembur wé ku ema mah tara digarah-geureuh teu dibaju sabot hareudang atawa najan salawasna ogé. Ujang kudu apal waktu iraha kudu ngahibur nu ngaliwat di jalan. Da geuning sanajan aya lampu setopan, anu teu tartib mah angger aya. Ujang kudu ati-ati ema. Sabenerna ujang ogé sieun atuh nénjo mobil, motor pasulibreng siga nyiruan, teu eureun-eureun. Singsuliwer siga siraru onaman gancang ngaberikna bari ngeunah didahar. Ku éngang mah apan matak buncunur. 
Tah ema ulah jadi leutik haté, lamun engké ema apal naon pagawéan ujang. Ujang ngadogér ema. Ujang jadi dogér. Ulah sedih nya ema, ujang geus ngawiwirang ema. Pan ceuk ema oge turunan ema mah cadu kudu daék hirup dina pangawasa deungeun. Sabab lamun hirup geus aya dina kakawasaan batur bakal hésé ngalepaskeun diri, bakal hésé néang kabagjaan diri. Nyaan, bener pisan caritaan ema, ayeuna kabuktikeun pisan ku ujang. 

Ayeuna ujang geus sawawa, geus bisa ningali kalawan écés ka sasama. Aya cawéné nu siga ema, ujang resep ka manéhna. Tapi nya kitu téa deui bae. Ujang teu bisa kumaha. Da itu ogé ngan bisa aprek-aprekkan, hésé padeukeut jeung ujang, ukur bisa silih rérét ti kajauhan, kadang-kadang mah semu anu ngelétan. Ari keur waktuna mareng mah. Ujang jeung si nyai teh sok babarengan. Malah sok pada ngalejokeun ujang kudu ngarayu si nyai di hareupeun jelema loba, niru-niru kumaha carana nyium lebah embun-embunan. Tapi da si nyai mah wanteran, biwirna teu sirikna manyun, nyosor hayang dicium ku ujang. Aduh, ema lain genah pada ngalalajoan mah. Jauh pisan tinu disebut mesra. Pada nyurakan, diayeuh-ayeuh téh si nyai mah sok kalahka ngahajakeun. Ngagieut-gieut bujur nampeu hareupeun beungeut ujang, ema. Ujang mah sok éra parada, ripuh nyumputkeun beungeut ema lamun kudu aya adegan hot jeung si nyai di sisi jalan. Eta da si nyai mah boga kamonésan make kudu mukakeun seléting atawa nyingsatkeun erokna bari tutunjuk kana palangkakan sagala. 

Padahal ujang mah hayang kitu-kieu jeung si nyai teh lain dinu nembrak. Hayang dinu buni. Malar karasa nikmatna. Ujang moal milih-milih rupa, mindah-mindah rasa. Da geuning sagala rupa nu aya di si nyai sarupa jeung ema. Ngan bedana teh si nyai mah leuwih wantér, jeung siga rada teu boga kaéra. Make papakéan bur-bér, diréndaan, ditarétés benang emas, reunceum ku kangkalung jeung gelang, beubeur beureum dirantéan. Béda sotéh meureun pédah gaul di kota. 

Naon bedana atuh ema, ujang oge boga kahayang hirup tingtrim dina laki-rabi. Ulah hayoh waé dipeleter kudu ngusahakeun hirup maranéhna ku kaparigelan ujang jeung si nyai. Ujang hayang indit ti dieu ema, kabur mawa si nyai. Ujang hayang balik ka lembur urang anu liuh ku tatangkalan. Ujang arék nyieun tempat anu buni keur si nyai sina jongjon ngurus anak. Ujang bakal jadi bapa. Ujang mah moal siga bapa ujang anu cruk-crék waé kawin, anak reuay bari embung ngurus. Ujang moal nganyerikeun haté si nyai.

Ujang ukur bisa ngusap dada basa si nyai éjégélér ménta dikawin ku si Rojér. Da éta cenah kairut ku imut kanjut si manéhna. Nu matak dingaranan si Rojér ogé pédah tukang ngarojér beurang peuting, teu kaopan si eta mah. Nempo ban dirojér, nempo tihang listrik ogé hayoh dirojér, malah hayam ogé diudag-udag arek dirojér. Nu matak nyeri haté mah lain pédah si nyai geus embung deui ka ujang, ema. Geuning si nyai mah ongkoh ngomong rék micinta ka ujang saumur hirup tapi sulaya tina jangjina. Malah ka ujang teu kungsi megatkeun duriat ku kecap putus, ujang ukur bati jumerit dina ati, ningali si nyai dirojér ku si Rojér diriung-riung ku jelema réa. Maranéhna surak ayeuh-ayeuhan nenjo si nyai tipepereket nangkeup ka si Rojér. Atuh si Rojér ogé mani asa pangaingna. 

Enya Ema jodo mah jorok. Si nyai abong kudu dikersakeun ngajodo jeung ujang. Manéhna datang bari aluman-alimen, nyéléndé bari jeung ogo. Si nyai ménta dihampura téh ku sikep, celepot deui celepot deui nyium kana mata, kana irung bari ngusapan sirah ujang. Teu sirikna nyontrolan, ngongsog menta dipikarunya. Si nyai téh meleg-meleg geus nganyerikeun hate ujang tapi naha bet teu riuk-riuk ngarasa salah. Geus payah dikeureuyeuh ku si Rojer hayoh ayeuna menta ditulungan ku ujang ema. Hayang balik deui ka ujang bari beuteung gundal-gendol mawa anak haram ti si Rojer. Si Rojer mah da najan kasebutna jago kana ngarojer tapi teu boga niat hayang ngabagjakeun si nyai. Ukur pupulur saméméh mantun. Ukur hayang méak-méak karep ka si nyai satungtung suka. Ninggang mangsa nénjo pisenangeun aya dina awak deungeun mah si nyai ditokér bari teu dirérét deui. Geuning estuning anjing belang, anjing hideung, estuning teu melang, teu nineung.

Ujang teu bisa kumaha. Teu wasa ningali nu lungas-lengis bari bureuyeung bulan alaeun. Rasa ngéwa éléh ku rasa nyaah. Meureun duriat téa ngaranna. Si nyai dihiap, sina reureuh. Mana kitu oge si nyai teh geus sadar ngan ujang nu haat miduli ka manéhna ku rasa nyaah jeung rasa heman. Ngan ujang nu bisa dijadikeun tempat panyalindungan anu aman keur manéhna. Nyaan, teu beunang disisilihkeun rasa deudeuh ujang ka si nyai teh lain jijieunan.

Ema, ujang ayeuna gering nangtung ngalanglayung. Mikiran kumaha carana sangkan bisa indit ti ieu tempat. Mawa si nyai balik ka lembur saméméh brol si utun inji. Rék nanya, nanya ka saha. Rék ménta tulung ogé teu bisa. Euweuh batur pakumaha sangkan laksana. Bati karunya nempo si nyai nu ngadadak lungguh, teu pati ponyo kana barang dahar. Awakna geus robah nu tadina lenggik camperenik jadi bukekeng. Suku bareuh, mata celong. Sorot mata siga nu pupus pangharepan. Panonna nu biasana hérang ngagenyas, jadi reueuk ku piceurikeun. Pagawéan si nyai ngan huleng jentul, ngahintul teu bisa ditalék.

Jodo, pati, bagja, cilaka pan geus aya nu nangtukeun ema. Jodo ujang ka si nyai geus ditangtukeun ku nasib. Saha nu nyaho soal pati ema? Ujang bati olohok mata simeuteun basa nempo waruga si nyai geus ngababatang, létahna ngélél kajiret ku ranté nu mangkék dina beuheungna. Matana nu sok biasa dulak-dilak, ayeuna buncelik. Moal boa si nyai téh milu mikiran hayang indit ti ieu tempat nepi ka pondok pangharepan ngeurad beuheung ku beubeur nu biasa dipake dina cangkengna. Lamun enya teh..eumh, tada teuing nyerina kudu nemahan pati ku cara kitu. Nyai..Nyai naha bet luluasan?!
Hayang balik ujang teh ema. Sono ka ema!

Carpon Yanti Sri Budiarti - Majalah Sunda Mangle


16 comments:

  1. haha mau di artiin ga ka? eh follow blog ini dong eka :D ntr follow-followan

    ReplyDelete
  2. kasian bangettt ema nya tuh , kok engga di bantuin sih kan ema udah tua .

    ReplyDelete
  3. Replies
    1. mangga kang, diantosan we kumpulan carpon basa sunda salajengna. insyallah ke dipublish deui

      Delete
  4. ane asli sumatra gan jadi gk paham deh, hahaha:)

    Unik artikel

    ReplyDelete
  5. Terimakasih atas informasinya ,sangat bermanfaat sekali dan semoga menjadi amal baik bagi anda dan orang lain
    Sukses selalu

    ReplyDelete
  6. Ane baru tinggal di Bandung tpi belum terlalu ngerti basaha sunda . hehehe

    ReplyDelete
  7. Ah sunda pisan ieumah euy rada rieut macana

    ReplyDelete
  8. muhun kang carpon nu matak imut ka ema anu atos seseepan ngabela abdi dugi ka kiwari tiasa hirup mandiri......oh ema hapunten abdi....

    ReplyDelete
    Replies
    1. muhun leres pisan kang, kahade tong hilap kanu tos ngasuh orang ti aalit.

      Delete
  9. Pengen tau ceritanya.
    Sayang pake bhs sunda.aQ orang jawa,jadi gk faham yang di maksud.

    ReplyDelete
    Replies
    1. tanya aja kang setiap kalimatnya yang mau dimengerti, feel free kang

      Delete
  10. Anu jelas ema moal bisa di bayar ku dunya jeng saisina kang .....mun di tingali tina jasana...

    ReplyDelete
  11. Pokokna mah hidup ema we lah nya,,,,!!!

    ReplyDelete