05 January 2013

Milih GUBERNUR JAWA BARAT: narekah ngeunteung , malahmandar ngaraih untung



Milih GUBERNUR JAWA BARAT: narekah ngeunteung , malahmandar ngaraih untung

Ku Ucu saepurridwan (Pituin warga Jawa Barat) 
Dina sasih Februari 2013 anu bakal sumping , masyarakat Jawa Barat baris ngarandapan hiji prosesi hajat nu kawilang rongkah, tegesna milih gubernur kanggo periode 2013-2018. Dupi Waragad anudisayogikeun kanggo nyeleksi anu parebut menuju gedung sate pikeun jadi Jabar 1 jeung Jabar 2,  estu lain saeutik : 700 milyar. Saumpama dibagikeun ka 35 juta rahayat Jawa barat maka bakal kabagean artos masing-masing Rp 20.000,- sami jeung buruhan ngabedug di sawah atawa kokoreddi kebon sapoe jeput. Keur kelas ewe-randa mah eta teh jumlah anu kawilang lumayan. Cukup jang dahar tilu kalieun.

Pribados bade nataan hiji-hiji kontestan gubernur disartaan ku komentar jeung analisis pribados anubasajan pisan, namung teu aya lepatna urang berpendapat di alam demokrasi ieu. Kalima calon eta teh nyaeta (i):

1.Dikdik – Toyib (independen)

Dikdik mangrupakeun Hiji polisi mantan Kapolda Sumatera Selatan, anjeunna ngaluluguan paguyuban Tarekat Syattariah (anu disebarkeun ku Syeikh Abdul Muhyi Pamijahan, wafat 1730 M). Ieu pasangan teh memang kirang familiar dina cepil urang. Asana Pa Dikdik majeng via independen leuwih condong kana penanaman budaya demokratis jeung pesan moral pikeun partey-partey nu aya, sugan jadi hiji koreksi jeung shock therapy ngarah partey nu aya teu narsis teuing jeung daek ngomean laku.

2.Yusuf Macan Effendi (Dede yusuf)-Lex laksmana (Diusung ku Demokrat)

Dede tos majeng 5 taun nyarengan ahmad heryawan. Mun Pa Ahmad raket jeung agamawan, Dede mabet kana jalur sejen nyaketan budayawan, seniman, jeung aktif di kepramukaan. Lex laksmana mangpuluh-puluh taun tetep-renggenek di gedung sate, janten kahirupan birokrasi provinsi geus ngadarah daging dina jiwa raga anjeuna. Pa dede gaduh modal besar segi popularitas mengingat lami malang-melintang janten bintang film, bintang iklan sareng mandu kuis saumpamana wae pami saderek teu lali:  Kuis Tak-tik-boom. Problemna segi elektabilitas (peluang keterpilihan) pihak calon  wakil moal pati nyumbang suara signifikan sabab kurang dikenal ku khalayak, oge pemberangkatanna ti internal partey anu sami. Perlu dicatet Pa Dede tadina PAN, waktos nyarengan Ahmad Heryawan kapan Dede Teh Ti partey biru berlambang matahari , mun nu deleka mah bakal nyebat anjeunna kutu loncat, kena-kena demokrat keur nanjung ngadon pindah kongsi. Salajengna kondisi riil ayeuna masyarakat kapan nuju rada senewen ka Demokrat , ku pemberitaan anu santer ngeunaan korupsi kader-kaderna terutama Nazarudin jeung Angelina, katambih proyek Hambalanganu beuki ditalungtik.

3.Ahmad Heryawan – Dedi Mizwar (PKS, PBB, PPP)

Kemungkinan bakal nembak konsumen kalangan Islam modernis jeung kalangan terdidik penduduk perkotaan. Dina pamilukada 2008 basis ahmad Heryawan di Bogor-Depok-Bekasi, ditunjang ku popularitas Dede Yusuf. Ayeuna dicobian diranjingkeun sareng Dedi Mizwar. Kesan pertama lamun urang nitenan pasangan ieu nyaaeta pada-pada islami. Heryawan sanes NU, sanes muhamadiyah, atawa Persis, anjeuna ketua PUI (Persatuan Umat islam) . Mung anu sok digemborkeun anjeuna atasnama PKS bae mengingat PUI teu patos tohaga. Dedi Mizwar mibanda citra agamis tina film jeung sinetron anu diperankeun ku manehna utamana wae Kiamat sudah dekatLorong waktu, jeungKetika Cinta bertasbih. Dedi mindeng merankeun ustad. Eta peran na film nyulusup kana sanubari jeung alam bawah sadar pemirsa, sehingga nalika ningali sosok Dedi Mizwar urang bakal boga kesan agamis, soleh, alim jeung sajabana. Sahenteuna pa Heryawan geus lima tahun ngajabat tangtu secara finansial boga bekel logistik anu cukup, sanaos dina survey anu dua sasih kapengker popularitas mantena eleh ku Dede bahkan kawon ku Rieke diah, rupina dicobaan dikatrol ku figur Dedi, susuganan hoki kawas 5 tahun nu katukang. Da pedah teu jauh teuing bareto wakilna Dede ayeuni Dedi, sugan we diparengkeun ku Gusti, kitu meureun gerentes batinna. Tantangan pasangan ieu nyaeta dina kaparigelan teknis pemerintahan. Da teu sakur jalma temen jeung berprilaku lurus tuluy  sukses di pemerintahan, sabab aya kalana kudu tegas, jeung berani ngadobrak tradisi, kitu pangemut sawatara pengamat. Malah Dedi Mizwar mah kapan balaka pisan barang manehna digosipkeun dilamar ku pa Ahmad langsung seuri ngabarakatak, pajarkeun teh manehna can boga pangalaman marentah jeung ngagem kalungguhan di birokrasi, da memang kitu ayana.

4.Rieke Diah Pitaloka – Teten Masduki (PDIP)

Rieke jeung Teten tos pada terang kagolong Tokoh bersih, teu neko-neko. Prediksi pribados ieu pasangan basisna tangtos sesuai jeung jargon PDIP nyatana Wong Cilik, duanana aktifis, nu hiji aktifis hak perempuan nu hiji aktifis anti korupsi. Semangat anu diusungna nolad ka Jokowi. Malah baju kampanyena ge kotak-kotak persis jokowi-ahok.Namung bakal janten bumerang saumpamana Rieke-teten meleg-meleg ngajiplak tagline kampanye Jokowi, margi DKI sareng Jabar ngagaduhan karakteristik anu beda. Umpamana wae masalah agama jeung etnis/kesukuan di Jakarta teu patos berpengaruh, kapan di Jawa Barat mah eta teh esensial pisan.  Tantangan na ieu dua jalmi teh sanes orang lapangan. Janten estuning teoritis, remenna ngritik, arang langki  dikritik. Atuh bisa jadi manajerial jeung wewesen birokrasina ge rada hengker. Basis dukungan Rieke-teten tetep wilayah Pantura. Bakal face to face na jeung Pa Yance. Oge tong hilap duanana Asgar (asli garut),utamana Teten anu terah Limbangan (Garut Utara) jadi memang dewek batur buruk-buruk papan jati, urang Garut bakal rada euyeub di pasangan kotak-kotak ieu.

5.Irianto MS Syaifudin (Yance)-Tatang Farhanul hakim (GOLKAR)

Yance teh mantan bupati Indramayu, pituin kader golkar meles bahkan ketua DPW Golkar jabar. Salami ieu kapamingpinanna kaetang nyongcolang, Pa Tatang Bupati Tasikmalaya periode 2001-2011. Kamampuhan birokrasina tegep, namung anjeunna kirang konsisten. Buktosna anjeuna saba’da eleh ku Rahmat yasin (Bupati Bogor) dina parebutan ketua DPW PPP Jabar lajeng nyebrang ka PAN. Teras ayeuna sanajan PAN gaduh calon, pa Tatang tetep teundeung ludeung maju kalayan nyantel ka calon ti Golkar. Ieu pasangan tina sudut pandang kompetensi birokratis, sarta administrasi pemerintahan asana unggul, namung sesah menyat dina perolehan suara. Mengingat duanana eks pejabat tingkat kabupaten,popularitasna  saukur di wilayah sekitar kabupaten aranjeuna. Sementara pasangan sejen ngaranggo Artis anu tos dikenal ku masyarakat teu kudu hese beleke  masangan spanduk jeung masang iklan. Yance-Tatang bakal rada mopo dina upaya nembus area Jabar bagian barat, semet bandung ka kulon. Priangan timur katut pantura mah asana bakal rada kacangking.


Kitu rupina gambaran kontestan sareng analisis pribadi sim kuring, namung problemna masyarakat Jawa Barat sesah diprediksi margi jumlahna seueur , lajeng platform partey tos teu puguh. Mun baheula mana Masyumi mana PNI, mana  NU, Mana PKI, ideologina kapan puguh  ngajalur ayeuna mah tetela geus pasalia hese dibedakeun. Bisa dibasakeun geus euweuh ekstrim kiri atawa ekstrem kanan, kabeh ngakuna moderat (siger tengah). Tuluy tina aspek pamilih mayoritas awam, gampang karayu, bisa balik setir gara-gara nampa duit 20 rebu dina serangan pajar. Ceuk kolot tea mah halodo sataun lantis ku hujan sapoe, sanajan aya calon sejen geus boga hade jeung jasa, nya anu pas hari H mere udud jeung bekel ngabaso jang anak pamajikan eta pisan anu dipilih.

Aya tilu pamilon pamilihan Gubernur anu latar belakangna artis, nepikeun ka Harian the Jakarta Post mere judul: Film stars to battle in west java (bintang film adu tanding dina pilgub jawa barat). Ieu fenomena nyalonkeun artis teh dikritik ku para pengamat pajarkeun cenah partey nyokot carainstanmumul cape jeung kedul berjuang. Memang betah pisan kari ngalobi bakal calon, dibeuli kalayan mahar anu layak, tuluy bisa makalangan atas nama partey anu bersangkutan. Sikap instan ieun kapan timbul tina mandegna pola kaderisasi jeung pencerdasan di jero (internal partey). Saumpama dina mengbal kapan Messi-Xavi-Iniesta bisa kompak jiga kitu sabab geus babarengan 20 tahun , teu sirikna barang borojol tina kakandungan langsung nampa didikan akademi Junior Barca.  Taktik anu berlawanan dipilampah ku Roman Abramovich (pengusaha turunan Yahudi, nu mibanda Klub Chelsea) anu leuwih ngutamakeun jalan pintas meuli / transfer pamaen anu geus bersinar di klub seujeun. Pon kitu deui pelatih geus tujuh kali gentos salila manehna mingpin. Atuh payus pisan tulisan hiji pemerhati bola(ii) dina analisisna kapanan tepi ka nyebut binatang lapangan Chelsea. Nya pamaen jeung palatih Chelsea ku eta pangamat diselewengkeun tina bintang kana binatang. Da atuh disidik-sidik mah mirip binatang (sato), tanaga diperes, aspek kamanusaan na teu pati dihargai, nu penting berprestasi jeung lega hanca. Lebah dieu pisan industrialisasi jeung kapitalisasi sepakbola geus nyabut mengbal  tina akar filosofi sport nyaeta lenger (kaulinan) jeung hiburan, jadi kalah-menang jeunguntung-rugi. Tah muga-muga wae hal anu negatif ti sepakbola ulah nular kana pamarentahan khususna di Jawa Barat. Tangtu teu dipiharep ku urang di mangsa anu rek kasorang Gubernur jeung wakil terpilih ngadon teu bisa ngabuktikeun kamampuhan sabab proses instan tea, runtag tengah jalan, atawana awet rajet teu bisa kompak.

Provinsi jawa Barat hiji provinsi terbesar di Indonesia, boga peran sentral salaku penyangga DKI. Hayu urang titenan  data dan fakta nu dimuat harian The Jakarta post ngeunaan Provinsi Jawa Barat(iii):

Padumuk/ Populasi penduduk  : 49.153.773
Hak pilih                                    : 36.636.312
Luas wilayah                             : 34.817 KM2
Garis pantai                               : 755.8 KM
Jumlah kabupaten                     : 17(catetan: teu acan kalebet Kabupaten pangandaran)
Jumlah kota                               : 9
Jumlah Kacamatan                    : 598
Jumlah Desa                              : 5.708

Aya sawatara tantangan dina ngahaeutkeun pangwangunan di Jawa Barat, sahingga bisangajenggelek jadi kakuatan utama di Nusantara, sidik pisan yen jawa barat sanaos ageung potensi, lega wilayahna, jeung euyeub pendudukna tapi hanjakal jeung aneh geuning teu kaasup 10 besar provinsi termaju ti antawis 33 Provinsi di Indonesia (iv).

Sabab space dina ieu tulisan terbatas, Pribados moal patos ngagores pemerintahan, pendidikan, perdagangan, disamping memang rumaos sanes ahlina.  Sim kuring bade mintonkeun dua isu utama wae, nyaeta: persatuan dan kesatuan , jeung Ekspoitasi Sumberdaya alam .sakapeung nu dua eta teh sok disapirakeun padahal kacida pentingna sabab menyangkut alam, katut pangeusina. Lebah mana rek maju ekonomi perdagangan jeung pendidikan lamun alam jeung pangeusina teu dimumule. Naon hartina beunghar sagala loba lamun mindeng bencana alam, kitu pamadegan sim kuring. Salajengna dina nganalisis fenomena ku sim kuring dikembalikeun kana aspek kaislaman , sabab akhir-akhir ieu pemerintahan di urang asa beuki hedonis (berorientasi kepuasan & kamewahan) sarta permisif (serba boleh), ngarasa betah jeung jongjon dina laku teu uni, beuki macaweuhna nu  ngarumpak bagbagan agama jeung aspek moral tepi keun ka muncul istilah populer: KORUPSI BERJAMAAH.

Persatuan jeung Kesatuan

Problem utama suku sunda jeung  masyarakat nu hirup kumbuh di Jawa barat nyaeta kurang persatuan jeung kesatuan. Saderek anu kuliah atanapi damel di luar daerah utamina di ibukota  tangtos tiasa ngabentenkeun kumaha solidaritas urang BatakMinang , jeung Jawa dibanding Sunda.Da atuh urang sunda mah pahare-hare jeung salembur teh. Saleuheung kitu, sawarehna mah silih tilas jeung silih rurud. Kohesifitas rasa persatuan urang sunda kacida hengkerna. Di lembur kacaritakeun aya dua tukang dagang lotek jeung gehu anu berkompetisi. Saleuheung mun kompetisi sehat da ieu mah pinuh ku intrik jeung sirik pidikBi ijah ngagogoreng bi Ijem pajarkeun Tukang lotek eta mah budug , bi ijem pon kitu deui sarua balik ngagogoreng ka Bi Ijah, ceuk bi Ijem: “ulah meuli lotek jeung gehu ka bi Ijah, sok Utah getih, TBC!!!” Cobi titenan urang Cina mah kapan beda, sauyunan silih-rojong. Umpamana urang ngamaksad meser beusi ka Naga chung Citapen . Kari-kari teu aya, koredas. Kapan dituduhan sina ngagaleuh ka toko sejen: “tuh pak haji cobian  di indihiang aya Toko Jangkar mas caketeun SMA 2!”,  Kituh saur si engko.

 Budaya gotong royong khususna suku sunda oge sakumna penduduk jawa barat kudu ditingkatkeun. Konsep gotong  royong ngan saukur dina pelajaran Pendidikan Moral Pancasila (PMP), anu beh dieunakeun robah jadi PPKN (pendidikan pancasilan dan kewarganegaraan), tuluy salin ngaran jadi PKN.ayeuna malah aya wacana pancasila na disupkeun deui, atuh tina PKN janten PPKN deui. geus ah , lieur mikiran gonta-ganti wae kurikulum jeung ngaran mata pelajaran.

Salajengna kapan di Jawa barat oge aya seke seler suku bangsa anu sejen, Perbedaan latar belakang etnis memang mindeng kasaksen jadi sumber pacengkadan. Umpamana wae dina  sejarah islam terutama masa dinasti Abbasiyah  nu Ibukotana harita di Baghdad boga sababraha potret konflik antar-bangsa. kapan sidik pisan aya kaijid (kateuresep) jeung kaceuceub ka bangsa Arab, sawangsulna etnis Arab ge ceuceub pisan ka non-arab, cindekna harita tumuwuh sikap ta’asshub(fanatisme anu berlebihan kana madzhab, etnis, jeung golongan). Hiji waktos panyair Ismail bin Yasar.ngumandangkeun sajak anu muji-muji raja-raja Persia, khalifah Hisyam bin abdul Malik anu notabeneetnis Arab anu harita ngadangukeun pembacaan sya’ir dumadakan  murka, ambek taya bandingna. Tuluy eta penyair ku para pengawal disiksa, diterebkeun kana cai, masih mending nyawana salamet.(v)

Kasang tukang seke seler (latar belakang suku) anu variatif yakin jadi hiji tantangan kanggo pamingpinna. Sanaos etnis sunda mayoritas, tetela aya sababaraha wilayah anu didominasi ku suku Jawa, terutama sapaparat Pantura. Katambih di sub-urban penyangga DKI anu notabene loba suku Betawi.  Masalah latar belakang etnik memang teu bisa dianggap remeh, Disintegrasi Yugoslavia jadisababraha nagara umapamana wae :Serbia, Montenegro, Bosnia, jeung kroasia kapan alesanna beda ageman ideologi, etnik, jeung cangkingan nilai-nilai spitritual agama.

Satuluyna kedah diwaspadai oge perkawis faktor Otonomi daerah (OTDA). Ngabalukarkeun Bupati jeung Walikota pak celegedeg ngawujud jadi raja-raja kecil dina karajaan besar. Lir ibarat lauk jaer, nyieun balong dina jero balong. Samalah bupati & walikota nu rada badung mah nalika dipanggil ku Gubernur teu ngawaro, pajarkeun “Kula ge sarua dipilih ku rakyat”, biasana nu kitu beda partey.Kiwari  hawar-hawar aya desakan pikeun mekarna kabupaten Tasikmalaya Selatan jeung Cirebon anumerejel hayang jadi hiji provinsi anu mandiri. Dugi ka danget ieu konflik kabupateun jeung kota tasik sesa pemekaran tahun 2001 oge kapan acan rengse sapinuhna. Pacogregan anu disengketakeun tiantawisna lapangan Dadaha jeung alun-alun. Numutkeun analisis harian Kompas (vi) kapan pemekaran Tasik kaasup pemekaran anu gagal. Daerah induk nyatana Kabupaten hengker pisan da sumberdayana terutama industri loba kacokot ku Kota. Tah lebah dieu OTDA ge ternyata bisa jadi hiji ancaman disintegrasi, lunturna persatuan jeung kesatuan.

Eksploitasi Sumber Daya Alam (Isu Lingkungan)

4 minggon ka pengker pribados mapay laut kidul, tetela  kerusakan alam sakitu mahabuna. Basisir laut kidul/ pantey selatan ciamis, Tasik , jeung garut yakin geus ruksak. Leuweungna ditebang, dibukbak, keusikna disedot jeung digali, loba torowongan jeung lomang sesa ngala keusik pasir besi. Nurutkeun sumber Kabar Priangan, cenah eta keusik pasir besi ti Tasik selatan teh dijual ka Cina. Di nagri Tirai bambu mah  hargana jadi  1000 lipet tina harga jual masyarakat ka Pengusaha . Kadituna eta pasir besi janten bahan baku pelapis pesawat ruang angkasa sabab kualitasna anu hebring taya tanding. Tapi mun ditalungtik pemasukan ka kas kabupaten jeung provinsi estu teu sabanding jeung biaya perawatan dan pemeliharaan jalan. Cindekna besar pasak daripada tiang.
Lebah dieu pisan pamarentah daerah nyatana provinsi katut kabupaten kudu sadar yen ulah saukur ngudag pendapatan asli daerah (PAD), produktivitas, growth jeung naon rupa  variable ekonomi , tapi kudu sadar yen tujuan pembangunan versi islam  nyaeta  rido Alloh, hiji kondisi anu ku Prof Naquib Al attas dibasakeun seja ngawujudkeun kamaslahatan ummat (rahayat).

Numutkeun penelitian Deni widhiatna aya fakta anu rada pikapaureun. Mantena nalungtik Pencemaran merkuri di sekitar tambang emas tradisional nu make  pengolahanna make  caraamalgamasi. Penelitian ieu teh diayakeun di wilayah kacamatan Cineam jeung Karang jaya (kidul ngetan ti Manon jaya) sentral penambangan emas di Tasikmalaya. Geuning Tina akibat proses dekomposisi ku bakteri, dina jero cai wahangan Teu tanggung tanggung eta merkuri anu kaangseu, jeung kadahar via media cai jeung udara mampuh ngaruntagkeun pertahanan sistem saraf otak.(vii)

Katambah kadaharan sapopoe masyarakat teu jauh tina pemanis sodium , paragi rasa gurih nganggo MSG (Vetsin) atuh beuki nongtoyod wae. Daharna jeung sambel tarasi anu hurangna make formalin, asinna pon kitu keneh make formalin, tuluy di vetsinan, sarengsena eta lajeng  ngabaso, ngandungboraks. Atuh lagu Iwan fals :Umar bakri nyiptakeun generasi otak habibie teh beuki jauh wae ukur sawangan, da Umar Bakriena sibuk demonstrasi  menta naek gaji, tuluy muridna kapan kurang gizi jeung faktor genetik teu menunjang.

Ruksakna  lingkungan alam teh gara-gara program pembangunan anu teu terkendali jeung loba ngadobrak prinsip nu geus aya saumpamana wae Rencana Tata Ruang wilayah, oge rea pisan proses perizinan anu dimanipulasi wabil khusus ngeunaan AMDAL (Analisis Mengenai dampak Lingkungan) sakumaha diamantkeun ku UU lingkungan Hidup. Asas umum penyelenggaraan Negara oge perlu diregepkeun, kasaksen dina  pasal 20 ayat 1 poin C UU pemerintah daerah (viii) eusina nyaeta asas kepentingan umum. Mun dihartian kalayan kacamata maqosid syar’iyah (tujuan-tujuan hukum syara) nyatana perlindungan kana kamanusaan jeung ayana maslahat manfaat teu nimbulkeun kamadaratan sok komo bencana kemanusiaan dina skala nu rohaka.

SOLUSI

Ceuk paningal pribados , yakin aspek persatuan jeung kesatuan mangrupa konci utama. Gubernur kudu bisa ngabina jeung ngamumule lembaga-lembaga pendidikan boh formal atawa non formal, margi yakin eta sadaya mangrupi potensi ageung dina raraga ngamajukeun roda pangwangunan. Perlu  nanemkeun nilai-nilai positif ka anak didik ngeunaan persatuan. Lajeng secara struktural Korps PGRI nu baheula diselewengkeun jadi alat hiji partey, ayeuna kudu boga manfaat anu optimal jeung jadi mitra strategis eksekutif. Lamun para guru teu soson-soson ngajar , atuh kualitas SDM di masa nu bakal datang tangtuna bakal nguciwakeun. Salajengna segi potensi pendidikan non formal, tiantawisna wireh di Jawa Barat aya 3845 pasantren (ix) Geuning pasantren ge lain leutik-leutik potensi. Sok komo Patronase (kapatuhan ka komandan) di pasantren kuat pisan. Lamun kiaina selaku pengasuh teu kacekel atuh santri katut rebuan alumnina oge bakal balagideur jeung barontak, tangtuna bisa ngahambat pangwangunan anu daria. Memang taktik ngadeukeutan pasantren tos diberjalankeun ku para kandidat. Mung hanjakal sabot kampanye wungkul . dina mangsa ngajabat mah lur wae teu aya perhatian maksimal. Lir ibarat ngadorong mobil mogok, sarengsena mobil maju anu ngadorong ditinggalkeun, paling saukur ngucap nuhun ngadadah/gugupay,ceuk kolot tea mah nu asih dipulang tai.

Di sagedengeun eta ulah hilap ka para minoritas, aya babasan kabeureuyan mah tara ku tulang nu gede, angger we ku cucuk anu leutik tur ipis, lebah dieu payus pisan mun kalangan agama minoritas jeung penganut kapercayaan oge dirangkul. Na aya kitu panganut kapercayaan? Estu matak ngajenghok reuwas saur DR Anton dosen pribados dina mata kuliah Sosiologi lulusan Leiden, jeung ibu Inge, cenah anu ngagem aliran kapercayaan “sunda wiwitan” utamana di wewengkon kuningan jeung Bandung  jumlahna kaetang rea nincek ratusan rebu. Ngan angger wae dibanding 49 juta padumuk jawa barat mah eta angka teh leutik.

Geubernur nu anyar kudu bisa ngarangkul sakumna kelompok boh pemangku adat, ulama, paguyuban guru, birokrasi, jeung pihak sejenna. Tiap daerah memang boga karakter anu beda umpamana di wilayah Tasik ajengan/ulama leuwih dihargaan tinimbang menak/birokrat. Sawangsulna wilayah Ciamis mah rereana di hiji kampung masyarakat teh leuwih madep jeung ajrih ka punduh jeung  lurah tibatan ka ajengan anu ngimaman di tajug.
Bentuk kongkritna terutami nu berhubungan sareng tuntutan pemekaran, Gubernur nu anyar dipiharep kedah tiasa meper, ngupahan jeung ngarayu masyarakat anu hayang misahkeun diri.sapuk eta  pemekaran teh karereanana teu efektif, ngan saukur ngalobaan gajiheun, nambahan waragad pagawe di Pemda. Tangtuna wae eta pangolo, jeung panyombo teh disartaan ku prakna mere sumbangan riil jeung pangwangunan, ulah saukur ilusi jeung harepan hampa.

Salajengna ngeunaan isu lingkungan (SDA):
Gubernur Jabar kudu boga visi anu jelas jeung terarah dina enggoning ngamumule kalestarian lingkungan alam. Gubernur boga peran sentral dina penyusunan UKL UPL oge AMDAL(x) supaya pelaku usaha teu sangeunahna nyieun lapangan usaha anu matak nimbulkeun pencemaran utamana kualitas air sungai jeung eksploitasi anu berpotensi nimbulkeun bencana abrasi sarta erosi. Mangga wae titenan antara 5 pasangan calon ieu naha papada mibanda program anu eces jentre masalah lingkungan, atawa ukur pupulasan, sok komo ari teu dimuat-muat acan mah isu lingkunganna.tangtuna urang miharep ulah dugi ka kaendahan walungan citarum jeung cikapundunganu diwawaas jeung dihaleuangkeun ku mang koko, nining meida jst, ayeuna tinggal kenangan, da geus salin rupa pinuh ku limbah rumah tangga jeung limbah pabrik tekstil.

Lamun kitu,  karakterisik pamingpin siga kumaha atuh anu bisa ngawujudkeun eta kondisi anu ideal di Jawa barat ?
Asana teu salah mung kembali kana konsep agami, terutami agama Islam, da Jawa barat teh memang secara prosentase pangonjoyna. Para ulama berdasar kana kalam ilahi jeung dawuhan Rosul, parantos ngadamel formula ngeunaan konsep pamingpin ideal nyaeta dina opat sifat anu wajib di hakna para Rasul:

Wawajibun fi haqqihimul amanahwasidquhum wadlif lahul fathoonah.
Wamitslu dzaa tabliiguhum lima atauw #wayastahiilu dlidduhaa kama rowauw
Wajib dihakna para rosul amanah #jeung sidikna pek sipatan patonah
Sifat tablig wajib oge anjeun nyaho #mustahil lalawanana kade poho.(xi)

Sidiq: salah sahiji syarat ditarimana amal nyaeta sidqul qosdi, bener niat, boga motivasi anu hade lillahi ta’ala. Marga lantaran Muncul na hiji calon estu dorongan anu tanpa pamrih ti konstituen, lainnyogrog-nyogrog karep jeung boga motif anu teu hade. Keur dina mangsa pencalonan bisa ditingali tina rekam jejakna, kumaha manuver-manuver anu geus dijalankeun. Sidiq oge nyangkut kajujuran dina laporan kekayaan, asal-usul rundayan kulawarga kudu puguh saha bapana , saha indungna jrrd. Oge  riwayat pendidikan ulah nepikeun ka make ijazah palsu.

Amanah: nyaeta  wafa’ul ahdi, minuhan sanes kanten jangji wabil khusus salila kampanye, ngabogaan integritas, ngajauhan sagala rupi conflict of interest anu ngalibatkeun dirina katut kulawarga. Pamingpin anu amanah salawasna mentingkeun pamaksudan balarea lain pamaksudan jeung kapentingan pribadi.ulah dugikeun ka jangka panjang jeung jangka pendek eleh ku jang ka dapur.

Tabligh: pamingpin ulah sieun nepikeun anu haqq, nyebred anu bathil, kudu ngabiasakeuntumamprak, akuntabel, siap iraha wae datang nu marios ti KPK jeung lembaga sejen. Tuluy manehna ngaluluguan kana bebeneran, amar ma’rup nahyi munkar, ngokojoan efisiensi dina pamarentahan jeung ngadukung sapinuhna kana law enforcement(penegakan hukum).

Fathonah (boga inteligensi anu luhur, latar belakang akademik anu nyongcolang, jeung kompeten dina hiji widang . apal kana naon rupa isu aktual jeung paham kana akar pasualan.teu kalangkung pamahaman anu komprehensif ngeunaan aspek historis jeung wawasan geografis JABAR.  Ulah dugi keun ka apal ngan saukur cangkang bari teu paham jeroanana (diletantisme) (xii)

Ieu sifat anu opat teh tangtuna ulah diukur ngan tina jargon katut slogan, teu bisa ditaksir saukur via tampilan dohir jeung kesan agamis. Tapi nu leuwih utama nyaeta internalisasi nilai keagamaan , sakumaha ngadarah dagingna dina langkah eta tokoh sapopoe. Tangtuna bisa diukur tina kawijakan anu pernah dijalankeun, cindekna mah kudu ditingali sacara seksama rekam jejakna, pernah boga kalungguhan naon, tuluy kumaha kinerjana.

Ampun paralun  pribados sanes ngajago ngabahas ieu pasualan , atawa berpretensi  salaku pengamat, namung seja ngabuktoskeun kanyaah katut kapedulian ka lemah cai, banjar karang panineungan, nyatana Tanah Parahyangan. Shohabat kameumeut Rosul Sayyidina ali Karomallahu wajhah paratos cumarios: Min husnil mar’i ilmuhu bizamanihi= ukuran kahadean jeung rucitana hiji jalma nyaeta sejauh mana manehna paham kana  situasi jaman(jeung peduli lingkungan sekitar).Tangtos urang alim kasebat jalmi anu teu sae versi Sayyidina Ali . Malah Gusti Rosul pisan cumarios ngeunaan sikap cuek jeung acuh tak samodel kitu: sing saha anu gugah enjing-enjing bari teu aya kapedulian kana lingkungan masyakarakat sabudeureun , nu model kitu  estu teu kaasup umat kami, kitu saur mantena, na’udzubillahi min dzalik.

Sakieu rupina para mitra, mugi tiasa kawaler maksad judul ieu tulisan di luhur: narekah ngeunteung , malahmandar ngaraih untung maksadna ngeunteung kana kaayaan, ngeunteung jeung eling kana conto-conto piwuruk rasul, jalmi soleh, jeung rekomendasi sarta doktrin ti para ahli khususna pamarentahan geusan ngawujudkeun kahirupan anu untung:Jawa barat nu ngabogaan ajen inajen, subur makmur kartaraharja, Baldatun thoyyibatun Warobbun ghofuur.

Cag heula ah dugi ka dieu,

Pribados baris ngucapkeun Wilujeung nyumpingan TPS sarta nyoblos dina waktosna nyata ping 24 Februari 2012, mugia urang sadaya sehat wal afiat, lajeng Mugi gusti teu ngalolongkeun paningali lahir katut paningali batin urang samudayana aamiin !!!

CATATAN KAKI:
(i)        Majalah mingguan TEMPO, edisi cetak 18 November 2012
(ii)       kolom opini tabloid Olahraga TOP SKOR . kemis 22 November 2012
(iii)      Harian The Jakarta Post edisi cetak 10 November 2012
(iv)     Majalah minggonan Mangle edisi cetak  kemis 22 November 2012 halaman
(v)      Ahmad Amin, Duha’ul Islam, Dewan Bahasa & Pustaka , Kuala Lumpur,1978 hal.26
(vi)     Harian kompas edisi cetak kamis 22 November 2012
(vii)    Deni Widhiatna: pendataan penyebaran merkuri akibat usaha pertambangan emas di Tasikmalaya
(viii)   Undang-Undang Nomor 32 Tahun 2004 tentang pemerintahan Daerah
(ix)  Bagian Perencanaan dan Data Sekretariat Direktorat Jenderal Pendidikan Islam Departemen Agama R.I.
(x)      UU Lingkungan Hidup nomor 32/2009
(xi)     Kitab Jauhar tauhid karangan syekh Ibrahim al Laqoni (wafat 1041/1631 M), bait 59 & 60. Syiiran versi sunda na kenging pribados, terbuka kanggo direvisi sareng nampi kritik.
(xii)     A Mangun Harjana, Isme-isme dari A sampai Z , Kanisius, Yogjakarta, 1997 hal.49

(rengse dianggit di Komplek Kost LAMBANG, Margonda Raya, Depok. Dinten Salasa kliwon wanci pasosore tereh maghrib, tabuh 17.30  27 November 2012, kaping 13 Muharram 1434 H)

1 comment:

  1. Ayo pilih sesuai akhlak dan jiwa kepemimpinannya, untuk jabar kita yang lebih baik.

    ReplyDelete