02 February 2011

Jembatan Cirahong Nuju Ngadangong

jembatan cirahong
           Kaleresesan basa heuleutna simkuring ngalangkung ka jembatan Cirahong atawa lamun basa Sundana nu merenah na mah cukang Cirahong. Aya kajadian anu matak simkuring ngadamel ieu artikel ngeunaan jembatan Cirahong. Tah, basa heuleutna téh kaleresan simkuring jeung babaturan kapegat dihulu jembatan cirahong beulah Ciamisna kumargi nya éta aya mobil anu tiborosot di ujung Jembatan Cirahong anu arahna ka Manonjaya keun. Anu antukna simkuring jeung babaturan kudu nungguan éta jembatan réngsé dioméan sangkan tiasa ditempuh ko motor jeung mobil anu manglila lila keselna nungguan réngséna éta jembatan atawa cukang Cirahong téh. Da lamun ngahajakeun muter ka arah Tasik jauhna jeung lilana asa sarua-rua keneh anu antukna nya nungguan wé di hulu jembatan Cirahong.
         Nya ari ngeunaan sejarah jembatan cirahong téh diwangung dina taun 1893 basa keur jaman walanda kénéh anu nyambungkeun wilayah Tasikmalaya di kecamatan Manonjaya jeung wilayah Ciamis anu diwangun diluhureun walungan Citanduy anu meulah perbatasan kabupatén Tasikmalaya reujeung kabupatén Ciamis.

kareta diluhureun ngaliwat cirahong
        Cukang anu ngahubungkeun dua wilayah iéu teh mangrupa aksés jalan anu penting pikeun kalumangsungan ekonomi di wilayah Ciamis jeung Manonjaya anu basa eta Manonjaya teh katelah salaku Ibu Kota Kabupaten Sukapura anu ayeuna mah gentos wasta janten Kabupatén Tasikmalaya sanggeus gunung galunggung bitu tahun 1822. Kukituna salianti diwangun jalan kareta api pikeun jalan jang masok rempah-rempah basa jalan walanda diwangun oge jalan kendaraan ajang ngalangkungna delman jeung sajabana. Nu akhirna jalan delman éta téh ayeuna mah bisa dipaké jang ngaliwat motor sareng mobil.
Rumah Makan Batu Hitam
         Kiwari, jembatan cirahong teh beuki ramé waé diontrogan ku barudak rumaja jeung kolot anu ngahaja datang ka éta padumukan pikeun refreshing ceuk basa inggrisna mah. Komo deui lamun poé minggu enjing-enjing mah, reba pisan eta barudak anu ngaharajakeun sepor nepi ka Jembatan Cirahong. Salianti eta, ayeuna di Jembatan Cirahong teh di wangun rumah makan batu hitam anu katingali asrina kusabab wangunanana ngamodelkeun wangunan urang sunda, saperti paké injuk jeung bilik dina éta wangunan teh. Atuh antukna lamun weekend jeung hari libur teh ayeuna mah rame pisan éta rumah makan téh. Simkuring gé pernah ka éta rumah makan batu hitam téh, tempatna asri pisan angot lamun burit-burit mah bari nungguan kareta api anu ngalangkung ka éta luhureun jembatan.
       Mungsakitu waé ah carita ngeunaan jembatan Cirahong, bisi minat mah mangga diantosan wé di Jembatan Cirahong bari wang botram di rumah makan batu hitam baraya saleresa.



8 comments:

  1. WIH MBAK/ MAS RAME BANGET BLOGNYA...!!! BIKIN LEMOT NIH...!!

    ReplyDelete
  2. nice info. artikelnya Menambah wawasan saya. Terima kasih udah disharing ya. Salam kenal.

    ReplyDelete
  3. waduh saya g ngerti bahasanya son, yweslah keren bgt dan unik jembatannya

    ReplyDelete
  4. Sae pisan tulisan na...
    Asa hoyong k Cirahong simkuring ge...
    Hatur nhun infonya.....

    ReplyDelete
  5. hatur nuhun infona. . .
    janteun hyong ka rmh mkn batu hitam ieu teh. . .
    hehehe. . .

    ReplyDelete
  6. tempatnya menarik..
    asik klo di jadiin tempat foto-foto.

    ReplyDelete